Catatan diri seorang mohyiyi
Sabar Ikhtiar ProfesionalBismillah, Ngawitan Nebang
Jamilah sinden sok nembang
Sanajan pecak ge geulis
Bismillah, ngawitan tebang
Tiwu asak seger amis
Saha anu hitut tarik
Teu eling ka anu rea
Teras diangkut ka pabrik
Dek digiling jadi gula
Ka Palembang ka Marihat
Pas di kios beus ngarandeg
Penebang na sing sarehat
Supados gilingna ajeg
Mawa senter mawa hinis
Edek ngeureut tungtung botol
Dokter gula jeung masinis
Pagawe kampanyeu getol
Parigi loba celengna
Ku bedil eta morona
Mugi sae rendemenna
Mucekil loba hasilna
Kawani jiga lodaya
Kalakuan loba era
Patani untung sadaya
Karyawanna sejahtera
Salatri bongan sorangan
Mumuluk rek anjog lohor
Bapa mentri perdagangan
Setop heula, entong impor
Sholat lohor henteu eling
Pantesan hirup balangsak
Impor nuju usum giling
Harga gula jadi rusak
Udar ider lain ngador
Ka baraya bade kasbon
Sinder sareng para mandor
Hayu makaya di kebon
Subang, 28 Juni 2019
#Sisindiran: Carita Siluman Kuota
Aya salam ti Cibadak
Titip saur ka Kang Aceng
Wengi wengi mepende budak
Meh jempling urang ngadongeng
Mama Haji Pasirkuda
Resep pisan ulen ketan
Dongeng nu tos ngalegenda
Hayu lah urang kawitan
Tong hilap mun ka Tasik
Oleh oleh kueh balok
Aya hiji budak leutik
Diajar icalan cilok
Melak pare eta tandur
Belesek leutakna jero
Ngider ti lembur ka lembur
Ngan sok ku edas talemro
Bandrek haneut cai jahe
Mun kolek ngangge caruluk
Di jalan cilokna bahe
Tamplok kabeh teu kapuluk
Mun sono ka nu di lembur
Geura uih nu ti kota
Budak kabur ka Citamur
Jadi siluman kuota
Diapungkeun di WAG Bani Sofiyuddin
*17 Februari 2019
Sono
Eling eling mun di tajug
Kade ah panto molongo
Peuting peuting ge dijugjug
Da teu kuat ku kasono.
Nu di handap kudu tanggah
Ngadeukeutan meh katara
Hate leah hate bungah
Neuteup nyaah nu keur tibra.
Nyeupan beas na aseupan
Laukna sambel lalaban
Ngaringkang teras ngeukeupan
Lalaunan diusapan.
Hawatos ka nu duda
Bongan saha sok ngadua
Harewos bari dareuda
Kedal cinta ku ngadu’a.
Someah mah ka tatangga
Komo nu geus jadi randa
Duh Gusti caketkeun sorga
Enggal sabumi nu diteda.
Peuting liwat ka Pantura
Ngulonkeun ka arah Banten
Anaking ayah hampura
Tara aya unggal dinten.
Lamun hayang awak gagah
Dahar na hurang jeung toge
Enjing lamun tos garugah
Hayu urang ucang angge.
Ayah sono jeung nyaah ka Alfian.
Kareta Kutojaya (KA 171)
Elmu: Tarima jeung bagikeun
Bersih beas ku ditapi
Nya iuh ku tatangkalan
Elmu mah kedah ditampi
Ameh janten cecekelan
Damel peuyeum ngangge ragi
Janten cuka hahaseuman
Elmu mah kedah dibagi
ameh nambih pangalaman
Tauran: Kekayaan Kita yang Sesungguhnya
Bagaimana kita menghitung kekayaan kita? Ya, hitung saja berapa banyak yang sudah kita infak dan sedekahkan.
Itulah kekayaan kita.
Jangan simpan harta di hati, karena memberatkan bagimu untuk berbagi. Tapi taruhlah harta sebatas di tangan kanan, agar mudah bagimu untuk memberi.
~ Indriawan Widya Utama
Posted from WordPress for Android